KARETEG HATE
Cahaya bentang pating
gurilap, bulan imut ngagelenyu ninggali kuring keur diuk di jandela kamar bari
ngainghak ceurik, angina ngahiliwir karasa tiis, peuting ieu bet meuni asa
endah katempona, tapi kunaon hate kuring bet meuni asa ripuh, rasa kaambek geus
pinuh na ubun-ubun, kuring haying ngambek tapi teu bias, meureun kusabab kuring
awewe jadi naluri kuring leuwih gede tibatan rasa amarah. Sarebu tanya minuhan
pikiran kuring, naha bet ibu sareng bapa jadi teu ngawidian kuring ngilu
pasanggiri eta, teu pira ngan saukur nulis jeung mikir, asa ku araraneh.
Leuheung lamun diulahkeunnana the mun kuring ngilu pasanggiri model anu
gutak gitek di catwalk, kuring ge rada kaharti mun kitu mah, mung ieu mah aduh… ah pararusing, dug sek kuring ngarungkup dina simut.
Kongkorongooook….
Tok,tok,tok….
“Teh
gugah atos siang”
kadenge sora indung kuring ngagero bari ngetrokan panto, kuring
ngaleret kana jam, “Aduh
jam 05.00”
kuring reuwas, henteu biasana kuring hudang sabeurang kieu kuring nangtung tur
muka panto bari wegah mun kuring keur teu solat jeung sakola mah mereun
kuring moal kaluar ti kamar sapopoe, arek jadi nyi komar we ha,ha. Kuring
kaluar ti kamar tungkul bari jamedud, “Cu, kunaon bageur meuni jamedud kitu?” pok bapa kuring nanya, kuring ngan saukur imut
ngagelenyu bari wegah, “Neng
geulis, ibu mah teu ngawidian teh lain ulah tapi ibu nyaah sieun Neng kunanaon,
apan Neng teh anak nu dipika deudeuh ku ibu sareng bapa jadi mataksieun lamun
aya nanaon mangkaning Jogjakarta teh lain tempat anu deukeut”. Indung kuring ngadeukeutan bari ramisak ceurik, hal
anu teu bias ku kuring ditempo teh nyaeta nempo ibu jeung bapa kuring
ngaluarkeun cimata. Kuring nangkeup indung kuring tur pok ngomong “Ibu, Neng moal ngiring upami ibu sareng bapa teu
ngawidian mah, hampura Neng tos salah paham ka ibu sareng bapa”. Kuring ngilu ceurik nginghak “Jung cu, jung bapa sareng ibu ngawidian demi
kasuksesan Neng, doa ibu sareng bapa aya dina tiap langkah Neng”. Kuring bingah, kuring jangji moal ngecewakeun ibu
sareng bapa, kuring pasti berjuang.
* * *
Braaaak… kadenge aya nu ngebragkeun meja “Nisaaaaa….kerjakeun soal dihareup, ngalamun wae” kuring reuwas, katempo dosen kuring geus nangtung
hareupeun kuring bari melak cangkeng, kuring karek nyadar yen tadi kuring keur
ulin ka hayalan jaman baheula basa kuring SMA, ayeuna kuring geus jadi panulis,
3 novel jeung 1 kumpulan carpon kuring geus di publikasikeun jeung meunang
respon anu alus ti masarakat. Kuring Annisa, umur kuring ayeuna 20 taun, kuring
kuliah di salah sahiji universitas di kota Bandung jurusan Sastra jeung Bahasa
semester 4. “Nisaaa
hayoh kahareup cicing wae !” dosen kuring ngambek, kuring buru-buru ngajawab bari
tungkul sieun “Tapi
pa, kuring teu acan paham”
ayeuna dosen kuring ngaleret ka sakabeh murid nu aya di kelas “Sok, saha anu arek ngabantuan Nisa ngerjakeun soal di
hareup?” tantang dosen eta,
jep sakabeh murid jempling “Kuring Pa” ceuk hiji sora ti tukang, kuring ngaleret ka tukang
wahh… saha eta anu
arek ngabela kuring, aya rasa atoh dina hate kuring sabab kuring aya nu
ngabela. Sangges kajadian eta kuring jadi deukeut jeung jalma anu ngabelaan
kuring kamari, jalma eta teh ngarana Sam, biasa di sebut kitu tapi ngaran
aslina mah Samuel cenah.
Jadwal kuliah geus beres, kuring buru-buru rek balik tapi pas rek kaluar
gerbang kampus, breeeetttt,, hujan gede jadi kapaksa kuring ngiuhan heula, muga
we hujanna sakeudueng, “Nisa…” kuring reuwas, aya anu nepak taktak kuring, “Eh” kuring ngereret “Ah, Sam geuning, aya naon?” kuring bingung nempo manehna aya didieu oge, “Gak apa-apa ko Sa he,he” manehna imut, aduh meuni lucu katinggalina, aduh
kuring mikir naon sih, entong kitu Nisa hayoh istigfar. Sam lain asli urang
Sunda, manehna katurunan Tionghoa jadi teu aneh lamun panonna rada sipit tur
kulitna bodas, manehna can rada bentes ngomong sunda jadi bahasana sakapeung
campuran, Indonesia jeung sunda. Kadenge sora adan ngumandang kuring niat arek
solat heula bari nungguan hujan, “Eh Sam, punten Nisa bade awoh ashar heula nya ka
masjid” kuring ngaleos
ninggalkeun Sam anu katempona rada bingung ngartikeun omongan kuring bieu.
Di mesjid kampus
“Assalamualaikum
wr.wb” astagfirullah,
kuring ngajenghak reuwas pas salam kadua tanda beres solat pameunteu kuring
pasangrok jeung pameunteuna Sam, aduh ti iraha budak ieu di dieu, ;’Haaah, Sam ngareureuwas” kuring ngagebug leungeunna “Sam terang timana Nisa aya di dieu? aduh make kadieu
sih ieu budak pan ieu mah tempat khusus akhwat” kuring ngomong bari nyiwit pipina “Aduh Nisa sakit” ceuk manehna bari ngusap pipina nau di ciwit bieu ku
kuring, kuring ngan bisa seuseurian nempo manehna nyerieun, ha,ha.. “Nisaa kamu lagi apa tadi? Ko pake baju putih kaya
pocong aja, hi,hi”
manehna nanya bari ngeleg “Ih Sam, (kuring jamedud) tadi kuring solat, solat teh
ibadah anu wajib di laksanakeun ku sakabeh umat muslim, kin cerita lengkepna di
jalan we nya isin di dieu mah seueur jalmi” kuring jeung Sam tuluy indit kaluar. Loba pisan
pertanyaan anu di ajukeun ku manehna ka kuring soal agama, kuring malum da
kuring jeung manehna mah beda agama, agama manehna mah keristen.
Lila beuki lila kuring jadi deukeut jeung manehna, aya rasa anu beda dina hate
Lmun kuring ninggali raray na, kuring bingung rasa naon eta, nu jelas rasa ieu
hoyang pisan lamun nempo manehna bagja. Kuring leumpang ka kelas bari ngabogaan
rasa bagja, sabab rek papanggih jeung pujaan hate anu dipikaheman geus saminggu
kuring teu papanggih jeung manehna, sugan we poe ieu mah aya. Satepina di
kelas, kuring lurat-leret ka sakuriling kelas tapi teu katempo anu di tutungguan
teh, ah meureun can datang hate kuring ngabatin. Bet aya rasa karingrang
ngarungkupan. Kaluar ti kelas, kuring buru-buru ka kost an, jarak ti tempat
kuliah ka kost an kuring teh deukeut. Jadi, bisa kalampah ngan saukur ku
leumpang. Rencana na ti kost an kuring rek neang Sam ka imah na, sieun aya
kajadian nu teu dipikahayang nimpa ka manehna, das sms kuring teu di bales,
telepon oge teu di angkat.
Tok,tok,tok…“Punten” kuring ngetrok panto bari ngagero, kadenge panto
dibuka “Iya, eh ini Neng Nisa
ya? mari masuk”
ceuk nu muka panto ramah, haaaah kuring reuwas, naha anjeunna nyaho yen kuring
teh Nisa apan kuring teu acan pernah kadie, nyaho imahna ge
karek bieu ti babaturan kuring. “Oh muhun” kuring ngan saukur bisa imut tapi hate mah ringrang
maratan langit, tuluy kuring asup bari olohok waah.. bener ieu teh imah Sam
aduh gede pisan subhanallah kawas istana, “Neng Nisa silahkan duduk, sebentar bibi panggilkan
dulu ibunya”
oh jadi eta pembantuna, tapi dangdananna keren kos lain pembantu, tuluy
pembantu eta indit. Teu kungsi lila, “Assalamualaikum” katinggali aya awewe saumuran indung kuring nangtung
di hareupeun kuring “Waalaikumsalam” buru-buru kuring ngajawab “Oh ini Nisa ya? Samuel sering cerita tentang Nisa,
katanya Nisa baik,cantik, keliatannya Sam sayang sekali sama Nisa, kalau Nisa
gimana sama Sam?”
kuring reuwas maratan langit, ieu indungna Sam? Haah.. naha make kerudung apan
keluargana Sam agamana keristen, kuring masih keneh bingung tur ngajawab “Muhun ibu, Nis age nyaah (jawab kuring bari lingsem)
ehm, punten ibu upami Sam kamana atos 7 dinten teu lebet ka kuliah?” ngadenge pertanyaan eta indungna Sam cicing, wah aya
naon ieu kuring sieun,rasa ringrang balik ngarungkupan kuring, aya naon? Sarebu
tanya jeung kasieun minuhan pikiran kuring. “Nisa ayo ikut ibu, ada sesuatu yang mau ibu tunjukkan
tapi ibu gak bias bilang sekarang” indung Sam langsung nangkeup kuring, kuring teu
ngarti naon maksudna tuluy indungna pok ngomong “Terimakasih ya sayang” cimata langsung ngucur ti mata indung Sam. Sam?
kamana anjeun?
Sapaparat jalan kuring ngan bisa tungkul sabari maca kalimah kalimah zikir,
sakapeung indungna Sam nyekel leungeun kuring tanda nenangkeun. “Nisa kita sudah sampai” kuring beunta tuluy luak lieuk kasakuriling tempat
eta, naha indung Sam ngajak kuring ka pasantren kieu, kuring leumpang nuturkeun
indungna Sam, indungna Sam ngetrok ka hiji panto, bray panto eta di buka,
kuring olohok kasengsem “Sam” bener anu diuk eta Sam? subhanallah kasep pisan,
manehna make gamis jeung peci bodas meuni rapih katinggalna, “Nisa” indungna Sam ngagupayan ngajak diuk ka kuring tuluy
indungna Sam nyaritakeun naha Sam bet aya di dieu, manehna jeung kulawargana
ayeuna geus islam, subhanallah kuring bingah kabina bina, saurna Sam berubah
gara-gara kuring, Sam nyaah pisan ka kuring, kulawargana ge teu nentang basa
Sam mutuskeun rek asup islam malah kulawargana ngilu asup islam.
Di taman kawasan pasantren eta kuring leuleumpangan jeung Sam, aduh kuring teu
kiceup kiceup nempo dirina subhanallah sababaraha kali kuring ngucap kalimah
eta (aduh kuring meuni sungguh terlalu ha,ha) di tengah tengan jalan Sam
ngeureunkeun leumpangna tuluy malik neteup kuring, kuring asa risih di kitukeun
ku manehna “Nisa
ayeuna urang tos saagama, Nisa hoyong teu jadi bidadari anu maturan hirup Sam
salilana dunia sarta aherat?” kuring lingsem tanda satuju.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar